Minggu, 20 September 2015

Babasan Dan Paribasa Sunda

  • Adab lanyap : Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  • Adam lali tapel : poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga : adat nu hese digantina.
  • Adean ku kuda beureum : beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  • Adigung adiguna : gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
  • Agul ku payung butut : ngagulkeun luluhur sorangan.
  • Akal koja : pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
  • Aki aki tujuh mulud : lalaki nu geus kolot pisan.
  • Aku aku angga : ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  • Aku panggung : darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  • Alak-alak cumampaka : resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
    Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
  • Alak paul : tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  • Alus panggung = alus laur hade ome : tegep dedeg pangadegna.
  • Ambek nyedek tanaga midek : ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
    napsu kapegung.
  • Ambekna sakulit bawang : gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  • Anak puputon : anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  • Anjing ngagogogan kalong : mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  • Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
  • Asa dijual payu : ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  • Asa ditonjok congcot : meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
  • Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna : kacida nyaahna.
  • Asa potong leungeun katuhu : leungiteun jalma nu pohara hade galena.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup : palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
  • Aub payung, sabet panon : sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
  • Aya astana sajeungkal : anu mustahil oge oge bisa kajadian.
  • Aya bagja teu daulat : arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  • Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  • Aya hate kadua leutik : naksir.
  • Aya jalan komo meuntas : aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  • Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  • Aya jalan komo meuntas : eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  • Aya peurah aya komara : aya harega, aya pangaji.
  • Ayakan tara meunang kancra : nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  • Baleg tampele : ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
  • Bali geusan ngajadi : tempat dilahirkeun.
  • Balung kulit kotok meuting : teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
  • Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan : beak karep ku rido jeung beresih hate.
  • Banda tatalang raga : lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
  • Belang bayah gindi pikir : boga pikiran goreng ka papada kawula.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  • Beurat birit : hese jeung sungkan dititah.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
  • Beureum paneureuy seuseut batan neureuy : keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
  • Beuteung anjingeun : ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
  • Bilih aya turus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
  • Biwir nyiru rombengeun : resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  • Biwir nyiru rombengeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
  • Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah : henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
  • Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  • Bobo sapanon carang sapakan : aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  • Bobor karahayuan : henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  • Bonteng ngalawan kadu : nu leutik ngalawan nu gede.
  • Buburuh nyatu diupah beas : nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  • Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
  • Buluan belut, jangjangan oray : pamohalan kajadian.
  • Bungbulang tunda/ tunda talatah : lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
  • Buntut kasiran : koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
  • Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : ginding, loba pakean anu aralus dipake.
  • Buruk buruk papan jati : ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
  • Daek macok embung dipacok : daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
  • Dagang oncom rancatan emas : ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
  • Dah bawang dah kapas : tah barangna tah duitna.
  • Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  • Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug : pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  • Deukeut deukeut anak taleus : ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih : baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  • Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  • Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Dipiamis buah gintung : disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Disakompet daunkeun, dihurun suluh : dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
  • Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
  • Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup :lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
  • Dogdog pangrewong : bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
  • Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur : ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
  • Dosa salaput hulu : kacida loba dosana.
  • Dulang tinande : awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
  • Duum tinggi : ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
  • Elmu ajug : pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
  • Elmu sapi : samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
  • Elmu tumbila : nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  • Elok bangkong : nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh : kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
  • Endog tara megar kabeh : najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Galehgeh gado : darehdeh tapi henteu terus kana hate.
  • Gancang pincang : kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
  • Gantung denge : hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
  • Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  • Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
  • Gede gunung pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
  • Gede gunung pananggeuhan : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
  • Getas harupateun, pingges harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  • Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
  • Gindi pikir belang bayah : Goreng hate, dolim, julig , dengki.
  • Ginding kakampis : Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
  • Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  • Goong saba karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
  • Gurat batu : Pageuh kana jangji.
  • Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  • Hade gogog hade tagog : Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
  • Hade ku omong goreng ku omong : Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe : Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
  • Hambur bacot murah congcot : Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
  • Hampang birit : gampang jeung daekan dititah.
  • Hanteu gedag bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan : Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan : Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  • Harewos bojong : Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
  • Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
  • Harus omong batan goong : Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
  • Hayang untung jadi buntung : teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  • Hejo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
  • Herang caina beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  • Herang caina beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  • Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
  • Heueuh heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
  • Heurin ku letah : Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
  • Hirup ku panyukup gede ku pamere : Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  • Hirup nuhun paeh dirampes : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  • Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja : Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  • Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
  • Hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  • Hurung nangtung siang leumpang : Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
  • Ieu aing uyah kidul : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  • Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun : Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
  • Indung lembu bapa banteng : Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
  • Inggis batan maut hinis : Pohara risina, pohara paurna.
  • Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang : Inggis jeung paur kabina bina.
  • Ipis kulit beungeut : Gede kaera.
  • Iwak nangtang sujen : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  • Jabung tumalapung sabda tumapalang : milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
  • Jadi maung malang : jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
  • Jadi sabiwir hiji : jadi carita jalma loba.
  • Jadi senen kalemekan : mindeng dicaritakeun batur.
  • Jaman cacing dua saduit : jaman baheula pisan.
  • Jati kasilih ku junti : pribumi kaeehkeun ku urang asing.
  • Jauh jauh panjang gagang : hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  • Jauh ka bedug anggang ka dayeuh : dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  • Jauh ka bedug : dusun,bodo, euweuh kanyaho.
  • Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana : unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
  • Jegjeg ceker : cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  • Jejer pasar : lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
  • Jeung leweh mah mending waleh : leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  • Jogjog neureuy buah loa : mikarep ka anu lain babad.
  • Jogjog neureuy buah loa : Milampah anu moal pihasileun.
  • Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
  • Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara :Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
  • Kaciwit kulit kabawa daging : Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
  • Kahieuman bangkong : Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
  • Kai teu kalis ku angin : Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
  • Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait : Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
  • Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung : Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
  • Kalapa bijil ti cungap : Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
  • Kandel kulit beungeut : euweuh caerá.
  • Katempuhan buntut maung : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  • Katumbukan catur kadatangan carita : Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
  • Kawas anjing kadempet lincar : Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
  • Kawas budak rodek hulu : Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
  • Kawas cucurut kaibunan : Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
  • Kawas hayam keur endogan : cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
  • Kawas hayam panyambungan : Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
  • Kawas kacang ninggang kajang : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
  • Kawas kuda leupas ti gedogan : Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
  • Kawas lauk asup kana bubu : Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
  • Kawas lauk asup kana bubu : gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman : Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
  • Kawas siraru jadi : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  • Kawas wayang pangsisina : Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
  • Kejo asak angeun datang : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
  • Keur meujeuhna bilatung dulang : Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
  • Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
  • Keur nuju bentang surem : keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
  • Kiceupna sabedug sakali : Pohara lungguhna.
  • Kiruh ti girang kiruh ka hilir : Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
  • Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran : Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
  • Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam : Kacida miskina.
  • Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Kudu bisa ngeureut neundeun : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
  • Kudu boga pikir kadua leutik : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
  • Kujang dua pangadekna : Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
  • Kulak canggeum bagja awak : Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
  • Kumaha bule hideungna bae : Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
  • Kumaha kejebur caina geletuk batuna : kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
  • Kunang kunang nerus bumi : Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
  • Kuru cileuh kentel peujit : Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
  • Kurung batok : teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
  • Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
  • Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  • Landung kandungan laer aisan : Gede timbanganana, gede pangampurana.
  • Langsung saur bahe carek :Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
  • Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan : pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Legok tapak genteng kadek : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  • Leubeut buah hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  • Leuleus jeujeur liat tali : pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
  • Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  • Leutik burih : euweuh kawani.
  • Leutik cahak, gede cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
  • Leutik leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
  • Leutik ringkang gede bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
  • Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet : Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
  • Lieuk euweuh ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  • Loba teuing jaksa : loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
  • Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
  • Luhur kuta gede dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
  • Luncat mulang : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
  • Lungguh tutut : Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  • Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  • Maliding sanak : Henteu adil, pilih kasih.
  • Mangpengkeun kuya ka leuwi : Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
  • Mapay ka puhu leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
  • Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  • Maut nyere ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  • Melengkung bekas inhalan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  • Mere langgir kalieun : Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  • Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra : kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
  • Meungpeun carang ku ayakan : Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  • Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  • Miceun batok meunang coet : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
  • Mindingan beungeut ku saweuy : ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
  • Mipit teu amit ngala teu menta : Maling boga batur.
  • Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
  • Moal ceurik menta eusi : Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
  • Moal neangan jurig teu kadeuleu : arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
  • Mobok manggih gorowong : Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
  • Mobok manggih gorowong : meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  • Monyet kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  • Mopo memeh nanggung : Hoream, teu sanggup samemeh prak.
  • Mun teu ngakal moal ngakeul : mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  • Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  • Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/panyabaan.
  • Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  • Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara : usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
  • Ngadu angklung di pasar : papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
  • Ngadu ngadu rajawisuna : mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
  • Naheun bubu pahareup hareup : dina pangabutuh silih injeuman duit.
  • Nangkeup mawa eunyeuh : mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  • Nangtung kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  • Nepak cai malar ceret : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
  • Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  • Nete porot ngeumbing lesot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
  • Nete semplek nincak semplak : Kieu salah kitu salah, ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
  • Nete taraje, nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  • Neukteuk curuk dina pingping : Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  • Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  • Neundeun piheuleut nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  • Ngabudi ucing : teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
  • Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
  • Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
  • Ngadaweung ngabangbang areuy : pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  • Ngadek sacekna, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  • Ngadeupaan lincar : ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  • Ngagandong kejo susah nyatu : loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
  • Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
  • Ngaliarkeun taleus ateul : ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur, ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
  • Ngarep ngarep bentang ragrag : Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  • Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
  • Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  • Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  • Ngeupeul ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
  • Nginjing sila, bengkok sembah : goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
  • Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna : sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
  • Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
  • Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  • Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  • Ngusap birit : bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
  • Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
  • Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  • Ninggang kana kekecrekna : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
  • Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
  • Noong ka kolong : Leutik hate, leutik pangharepan.
  • Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
  • Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan : nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
  • Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan : ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  • Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  • Nulungan anjing kadempet : nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  • Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
  • Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
  • Nya picung nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  • Nyair hurang meunang kancra : Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
  • Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  • Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
  • Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang : Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  • Nyanghulu ka jarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  • Nyeri beuheung sosonggeteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
  • Nyeungeut damar di suhunan : mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
  • Nyiar batuk piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
  • Nyicikeun cai, murulukeun lebu : turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  • Nyieun catur taya dapur : nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
  • Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
  • Nyieun pucuk ti girang : pangheulana neangan piaseaeun.
  • Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  • Nyiuk cai ku ayakan : Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  • Nyium bari ngegel : Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
  • Nyokot lesot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  • Nyolok mata buncelik : nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  • Nyuhun nanggung ngelek ngegel : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  • Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  • Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  • Omong harus batan goong : Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
  • Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  • Paanteur-anteur julang : silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  • Pacikrak ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
  • Pada rubak sisi samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  • Pagirang girang tampian : Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
  • Paheuyeuk heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
  • Pait daging pahang tulang : Arang gering, cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
  • Pakotrek iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  • Paluhur luhur diuk : pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
  • Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  • Papadon los ka kolong : Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
  • Peureum kadeuleu beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
  • Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir : mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  • Pindah cai pindah tampian : Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
  • Pinter aling laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
  • Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak : Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
  • Piruruhan katengahimahkeun : Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
  • Pupulur memeh mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
  • Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging :Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  • Puraga tamba kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
  • Raweuy beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
  • Rumbak caringin di buruan : dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
  • Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
  • Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  • Rusuh luput gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  • Sabobot sapihanean : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  • Sabuni buni anu ngising : sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
  • Sagalak galakna macan taru nyatu anakna : sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
  • Sagolek pangkek sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
  • Saherang herangna cai beas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  • Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
  • Sakecap kadua gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
  • Sakiriciking duit sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
  • Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  • Sangsara di geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
  • Sapu nyere pegat simpay : Paturay papisahan.
  • Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
  • Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  • Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  • Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
  • Sengserang padung : Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
  • Sentak badakeun : teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
  • Sereg di panto logor di liang jarum : nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  • Sereg dibuana logor diliang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
  • Seukeut ambeu seukeut deuleu : loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
  • Seukeut tambang manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  • Seuneu hurung cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  • Seuneu hurung dipancaran : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  • Seuseut batan neureuy keueus : Hese pisan.
  • Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
  • Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  • Sosoroh ngadon kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  • Tamiang meulit ka bitis : Malindes ka diri sorangan.
  • Tamplok batokeun : Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
  • Taya halodo panyadapan : taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
  • Teng anak teng, anak merak kukuncungan : sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  • Teu aya sarebuk samerang nyamu : Teu aya saeutik eutik acan.
  • Teu beunang dikoet kunu keked : Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
  • Teu boga pikir rangkepan : Teu boga curiga saeutik eutik acan.
  • Teu busik bulu salambar : teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
  • Teu cari ka Batawi tapi ka salaki : hakan pake hayang ti salaki.
  • Teu diambeuan : teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
  • Teu didingding kelir : teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
  • Teu dipiceun sasieur : Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
  • Teu ditari teu ditakon : Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
  • Teu gugur teu angina : Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
  • Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah : Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
  • Teu mais teu meuleum : teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
  • Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan : ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
  • Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
  • Teu nyaho di alip bingkeng : bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  • Teu puguh alang ujurna : teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
  • Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang : Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
  • Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan : Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
  • Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal : Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  • Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  • Tiis ceuli herang mata : ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
  • Tikoro andon peso : ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  • Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
  • Tipu keling ragaji Inggris : pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  • Titip diri sangsang badan : Mihapekeun maneh.
  • Titirah ngadon kanceuh : sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
  • Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh : nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  • Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  • Tunggul dirarud catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
  • Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
  • Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  • Ulah beunghar memeh boga : ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  • Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  • Ulah cara ka malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  • Ulah kabawa ku sakaba-kaba : ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur : masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
  • Ulah pangkat memeh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  • Ulah tiis tiis jahe : kudu iatna, kudu cingceung.
  • Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
  • Uncal tara ridu ku tanduk : Duduluran karumpul kabeh.
  • Uyah tara tees kaluhur : Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
  • Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
  • Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang : wiwirang nau pohara gedena.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar